loading...

Saturday, November 17, 2012

Hukum Bobogohan dina Islam

kama qola Ust Asep Muhammad Ali Nurdin: Konsep Bobogohan anu Islami. Emang aya ? •• Manusa eta makhluk sosial nu ngadambakeun hirup damai sareng harmonis sahingga normal lamun manusa ngalaman tertarik ka lawan jenisna. Motivasi pikeun bisa ngenal karakter, nyamikeun pandangan hirup sareng alesan lainnna sering dijadikeun alesan pembenaran pikeun ngalakukeun bobogohan bahkan sababaraha pemikir aya nu rada peduli kana kalestarian norma-etik sosial sahingga ngarumuskeun konsep "Pacaran Islami" Kumaha sabenerna konsep Islam ngatur hubungan sapasang remaja nu keur jatuh cinta ? Allah SWT ngadawuh dina AlQuran "Dijadikeun indah dina (pandangan) manusa kacintaan kana naon-naon nu dipikahayang, nyaeta: awewe-awewe, anak-anak, harta nu loba tina jenis emas, perak, kuda pilihan, sato ingon-ingon jeung sawah kebon. Eta kasenangan hirup di dunia jeung di sisi Allah tempat pangbalikan anu alus (surga)" (QS. 3:14). Dina redaksi ayat di luhur dijelaskeun yen dina diri manusa memang tos dipelak binih-binih CINTA nu hiji waktu bisa jadi nalika manggihan kacocokan jiwa. CINTA dina Islam teu dilarang karena eta aya di luar wilayah kendali manusa bahkan CINTA ngarupakeun anugerah nu kudu disyukuri ku nga-ekspresikeun jeung ngabinana saluyu norma-etik syariat. Islam kalawan universal ajarannana geus ngatur sakabeh hubungan manusia naha secara vertikal (Hablun min Allaahi) atawa horizontal (Hablun min An Naasi) teu terkecuali hubungan sapasang anak manusa nu keur katarajang ASMARA. Istilah bobogohan sacara harfiyah teu dikenal dina Islam, karena konotasi tina kata-kata ieu leuwih mengarah kana hubungan memeh nikah nu leuwih intim tina sakadar media saling kenal. Islam nyiptakeun aturan nu kacida indah dina ngatur hubungan lawan jenis nu keur jatuh cinta nyaeta ku konsep Khitbah/Narosan. Khitbah eta hiji konsep 'Pacaran Berpahala' tina dispensasi agama salaku media nu legal pikeun hubungan lawan jenis pikeun saling kenal samemeh mutuskeun ngajalin hubungan suami-istri. Konsep hubungan ieu dianjurkeun pisan pikeun saurang nu tos menaruh hati ka lawan jenis jeung ngamaksud pikeun nikah tapi hubungan ieu kudu tetep dipager di jero nilai-nilai kasholehan sahingga kadeukeutan hubungan nu bisa nimbulkeun potensi fitnah berarti tos di luar konsep ieu. Nikah dina Islam sanes sakadar pikeun ngabahekeun hasrat seksual tapi ngarupakeun peristiwa sakral nu nepungkeun dua katagoris beda dina hiji bahtera tanggung jawab, hak jeung kawajiban pikeun babarengan ngabina jeung ngarungi MAGHLIGAI CINTA nyambung estafet kahirupan dina mangsa kahareup. Nikah ngarupakeun ibadah nu dianjurkeun agama demi ngajalin kabahagiaan babarengan dina kahirupan bahkan nepi ka hirup deui. Sakitu sakralna makna pernikahan maka khitbah ngarupakeun konsep urgen pikeun ngajembatani kemungkinan kana terjadina kakecewaan di kadua belah pihak samemeh terjadi ikrar nikah. Lantaran proporsi fundamental khitbah ngan ukur salaku lengkah nu ngarupakeun sarana tahap saling kenali maka legalitas kadeukeutan hubungan dina konsep ieu ngan sabates ningali raray jeung dampal panangan karena rahasia fisik jeung kapribadian hiji jalma tos bisa dimonitor jeung disensor tina aura raray jeung dampal panangan. Di handap ieu sababaraha Hadits Nabi nu ngameunangkeun ningali awewe nu ditarosan dina bates-bates anu tangtu : * “Saurang istri sumping ka Rosululloh SAW teras nyarios: “He Rosululloh, abdi sumping pikeun masrahkeun diri abdi ka Gusti! Rosul teras ngangkat pandangan ka manehna jeung nengetan kalawan taliti. Teras anjeuna tungkul ku rarayna. Eta istri teras ngartos yen Rosululloh SAW teu minat ka dirina, maka manehna teras calik. Teras bangkitlah aya saurang lalaki anu ngadeg ti sahabat anjeuna teras nyarios : “He Rosululloh, upami Gusti teu minat maka pek nikahkeun ka abdi” (H.R Al-Bukhori, Muslim sareng An-Nasa'i) * “Hiji waktos kuring nuju caket sareng Rosululloh SAW, teras sumping saurang lalaki ngawartoskeun ka mantenna yen manehna hoyongeun nikah ka saurang istri Anshor. Rosululloh ngadawuh ka manehna: “Naha anjeun geus ningali eta istri?” “Teu acan!” saur manehna. Mantenna ngadawuh: “Lamun kitu tepungan jeung tingali ku anjeun eta istri Anshor karena dina mata maranehna aya hiji perkara.” (H.R Ahmad sareng Imam Muslim) * “Upami salah saurang aranjeun narosan hiji istri maka lamun manehna bisa ningali hiji perkara ti eta istri nu bisa ngadorong pikeun nikah ka eta istri maka pek lakukeun.” (H.R Abu Dawud sareng Al-Hakim) Leuwih ti eta dina "Pacaran Berpahala" ieu oge dimeunangkeun calik ngobrol sasarengan satungtung teu nepi kana kategori kholwat (mojok,paduduaan), saperti kalawan disyaratkeun kudu aya pihak ka tilu nu bisa ngalindungan tina fitnah,karena kumaha bae oge istri nu ditarosan eta masih Ajnabiyah,teu acan halal. Jadi konsep dina Islam dina ngatur hubungan hubungan sapasang rumaja nu keur jatuh cinta sanes ku hubungan tanpa bates atawa pacaran islami nu diawali ku "Basmalah" sareng di akhiri ku "Hamdalah" tapi hubungan nu dibingkai ku nilai-nilai pekerti luhur sareng dihiasi ku Fitroh Kaindahan (baca : Kasholehan) Wa Allaahu A'lamu bi As-Showaabi

No comments:

Post a Comment